Carois nagri linuhung
Rahayat sabar tur surti
Rajana ragrag tunggara
Naek tahta teu kajudi
Turun tahta diemprakan
Silih ganti dipeupeurih
Raja munggaran kamashur
Calakan kasep tur sakti
Gagah rongkah jeung wibawa
Pidato ngaguyang ati
Rahayat kasirep manah
Cahyaning satria mukti
Raja numindeng tafakur
Mungguh alum ujug nyepi
Rahayat kokoreakan
Dibalur fitnah nu sirik
Kakecrik ku jala tunda
Sireum beureum ngegel matih
Raja nu diagung-agung
Nyorodot mihape wanci
nyangsangkeun ageman sukma
Jaladri tangtos ngajadi
Jaga rahayat santosa
Ngibing kinanti mustari
Raja kadua lumungsur
Caka ciki ngabeberik
Sireum beureum paburisat
Nuwantun enggal dibedil
Nu sieun dijeun kerak
Nu nyumput disapu martil
Katenjo okos nu makmur
Rahayat nagog ceurik
Ngusap tuur bari ketap
puerih peujit burit pati
buruh dipelak ngarenghap
malipir kasisi pabrik
Peurih rahayat ngagulung
Nyuntrungkeun raja ngaguling
Pahlawan nu kabeurangan
Ngarasa geus meunang wangsit
Padahal suing sabeulah
Milu aug bari ngingsring
Raja katilu mucunghul
Tuturubun beuki seuri
Pinter kusagala bisa
Elmu nyieun manuk beusi
Na uteuk ajol-ajolan
Polostrong ka jalmi-jalmi
Raja kaopat dituntun
Sinatria demokrasi
Luhung elmu dinul Islam
Kabogoh sakabeh santri
Putu wali nu karomah
Panutan para kiyai
Harepan digawir waktu
Diteundeun dilamping wangi
Rahayat kaburu hanjat
Raja buru-buru indit
Inggis ka nu mangku hajat
Mulang ka bu nu ngawit
Raja kalima ratu
Istri binangkit tumampi
Kalangkang cahyaning rama
Sabar darana nunggeulis
Geulisna wening cisoca
clak putih manah widuri
Sireum hejo ngagurumut
Miceungceum nami agami
Nyi ratu ngaheungheum nyaah
Sadaya sami walagri
rametek nu ngagareuwah
ratu mesem bari peurih
Ratu mulih waktor suwung
Rahayat keur henang hening
Galinggey tahta ditilar
Layar beureum gentos kelir
Walatra hejo ngajajar
Kembang korma ngalalantri
Raja kagenep jol manggung
Dipunjung diisin-isin
Naek tahta teu kahaja
Nyugemakeun nurarungsing
Nyumponan kalangkang banda
Panyumputan nu korupsi
Raja ngadawuh samutut
Nyarios ageman suci
Miwuruk bari can hadas
Ngajak eling bari nyengir
Rahayat kapegung urat
Rek ngadat lapar na peujit
Peurih kawengku ku imut
Balangsak kahibur janji
Rahayat panjang kasabar
Mungguh ngahampura deui
Bari nyuntrungkeun rajana
Pamimpin pating garuling
Raja nengkas embung mundur
Nagri paciweuh ngulisik
Hukum adonan bibika
Sanjata pamungkas diri
Hakim jaksa ngiring bingah
Kenging cengcelengan kendi
Ragrag mah moal kaluhur
Caang mah moal ti peuting
Raja nyekek kasorangan
Simeut meuting dina jeunjing
Tikusruk kana durukan
Rengse lalakon nagari
Sumpingna raja katujuh
Samagaha nyinglar pamit
Bulan nyimbeuhkeun cahaya
panonpoe bingah ngibing
Tahta purba ngawit muka
Sitinggil sumping ti langit
Sinatria beunghar rengkuh
Dada mencrang ku kanyaah
Panutan sagala alam
Sakti ku weningna ati
Marahmai alam bungangang
Sumping santri ti surgawi
Raja nu teu batal wudu
Rahayat murak kabungah
Seubeuh beuteung mundel peujit
Ciri nagri loh jinawi
Paheula heula sidekah
Paburu-buru ngawajit
Raja nu tabu kubendu
Welas asih sering nangis
Ngaraos seueur kakirang
Sanaos buktos santosa
Teu weleh nyuuh hampura
Sumamprak sakujur batin.
Artinya:
Ini cerita negeri yang luhur
Rakyatnya sabar dan patuh
dimana rajanya jatuh sengsara
Naik tahtanya tidak disangka
Turun tahta disorakin
Silih berganti disakiti
Raja pertama termasyhur
Pintar tampan serta sakti
Sangat gagah dan wibawa
Pidatonya menggoyang hati
Rakyat Kasirep hatinya
Cahayanya satria mukti
Raja yang suka tafakur
Sungguh alim dan suka menyepi
Rakyatnya berteriak
Disebabkan fitnah dan iri hati
Terkena jebakan jala
Semut merah yang gigitannya mematikan
Raja yang di agung-agung
Semakin lama semakin merosot
Tersangkut faham keyakinan
Pasti terjadi
Menjaga rakyat sentosa
tetap Menari menyanyi (kinanti)
Raja kedua yang lengser
gigih Mengejar ngejar
Semut merah lari tunggang langgang
Yang berani langsung ditembak
Yang takut dijadikan kerak
Yang bersembunyi disapu martil
Kelihatan seperti yang makmur
Rakyat jongkok nangis
Mengusap lutut sambil ketap (ketap tuh kayak ngiler pengen sesuatu)
Usut perih setengah mati
Buruh diperas sampai ngos-ngosan (ngarenghap)
Tersisih di sisi pabrik
Rakyat yang perih menggulung
Mendorong supaya raja terguling
Pahlawan kesiangan
Merasa sudah menang wangsit
Padahal sumbing sebelah
Ikutan sambil buang ingus
Raja ketiga muncul
Yang suka Terburu-buru dan suka ketawa
Pintar segala bisa
Punya Ilmu membuat burung besi
Otaknya ajol-ajolan (ajol-ajolan kayak melompat-lompat gitu mungkin artinya penuh ide kali ya.. basa indonesianya apa kitu ajol-ajolan)
Polos ke semua orang
Raja keempat dituntun
Satria demokrasi
Luhur Ilmu agama Islamnya
Kesayangan semua santri
Cucu wali yang berkaromah
Panutan para Kyai
Harapan Di ujung waktunya
Disimpan dilamping wangi
Rakyat keburu naik
Raja keburu-buru pergi
Takut dengan yang punya hajat
Pulang ke asalnya
Raja kelima ratu
Istri terampil menerima
Dibayangi cahaya bapaknya
Sabar daranya cantik
Cantiknya sebening cisoca
Hati seputih widuri
Semut hijau berkerumun
Memegang nama agama
Nyi ratu penuh sayang
Semua sama sejahtera
Masih tersisa kotoran yang menganggu
Ratu senyum sambil perih
Ratu pulang waktu sunyi
Rakyat sedang tentram-tentramnya
Galinggey Tahta ditinggalkan
Layar merah berganti warna
Hijau merata menjajar
Kembang kurma mengantri
Raja keenam tiba-tiba manggung
dipuja sambil disegani
Naik tahta tidak sengaja
Memuaskan orang yang banyak masalah
Memberikan bayang-bayang harta
yang disembunyikan orang yang korupsi
Raja banyak bicara
berbicara hal-hal suci
Menasehati tapi belum hadas
Mengajak eling sambil nyengir
Rakyat kepegang urat
Menahan lapar
Perih tertutup senyum
Sengsara terhibur janji
Rakyat panjang sabarnya
sungguh lagi memaafkan
Sambil menjorokkan rajanya
Banyak pemimpin terguling
Raja tetap tidak mau mundur
Negara perlahan-lahan jadi kacau
Hukum seperti adonan kue
Jadi Senjata pamungkas diri
Hakim Jaksa ikut bergembira
Dapat celengin kendi
Kalau Jatuh enggak mungkin ke atas
Kalau terang enggak mungkin di malam hari
Raja mencekik sendiri
Seperti belalang bermalam di pohon jeunjing
Tersungkur di durukan (bakaran api)
Selesailah lelakon negara
Datanglah raja ketujuh
Gerhana pamit pergi menyingkir
Bulan menyinarkan cahaya
Matahari gembira menari-nari
Tahta purba memunculkan wajahnya
Sitinggil datang dari langit
Satria kaya rendah hati
Dada diterangi dengan kasih sayang
Panutan segala alam
Sakti dengan beningnya hati
Merahmati alam bersuka ria
Datang santri dari surga
Raja yang tidak batal wudu
Rakyat mendapat kegembiraan
Perut kenyang padat berisi
Ciri negara loh jinawi
Dulu-duluan sedekah
Cepat-cepatan membuat wajit
Raja tabu akan kebencian
Berkasih sayang sering menangis
Merasakan banyak kekurangan
Walaupun terbukti membuat sentosa
Tidak segan meminta maaf
Pasrah sekujur batin
(Disebutkan Pantun Sunda ini berasal dari buku Gentring Ranggagading dari seorang sesepuh Sunda)